Fikiran manusia mangaruhan sagala tingkah polah kahirupan urang sapopoe. Mun seug daek eling kana purwadaksi moal matak sasar dina ngajalankeun tugas sarta kawajiban urang salaku hamba nu moal bakal hirup salalawasna.
Jodo, pati, bagja jeung cilaka diatur kunu Maha Kawasa. Takdir moal bisa dipungkir kadar ti Pangeran. Hayu urang lempengkeun jarum hate sangkan meunangkeun kabagjaan hirup dunia rawuh akherat.
Dina tulisan ieu seja ditulis saperkawis Papatah Sunda Falsafah Kahirupan Manusa pikeun diemutan dilenyepan ku urang samudayana.
Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan jelema, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema-tema, karep heunteu reureuh-reureuh. dageuning nu bakal karasa mah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rancana, kabul aya tinu Maha Agung, Laksana aya tinu Maha Kawasa.

Ulah Nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan, nu deukeut geura deheusan, moal jauh tina wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha? tina diri sorangan. cirina satangtung diri. pek geura panggihan diri manehteh, ku maneh weh sorangan, ulah waka nyaksian batur saksian heula diri sorangan.
Sing Daek nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, mere kanu daek, nyaangan kanu poekeun.
Pitutur para guru, papatah para ulama, pangeling para kiyai rawuh para karuhun anu mere tuduh jalan sangkan ulah kajongjonan, jeng kamalinaan
Geura suprih ku pangarti, paruruh ku pangaweruh sakumna elmu, geura eling kana purwadaksi emut kana tuturus laku, urang teh asal timana?
Balik bakal kamana,…….?
Ayeuna cicing dimana,….?
Lenyepan sing taliti.
Larapkeun na sanubari, disarengan kulampahna.
Tanya heula eta rasa, talek heula eta hate, tilik deui eta diri
Dimana ayeuna ngancik?
Tekadkeun sing enya-enya pikeun sakabeh laku lampahna, bisi goreng balukarna, napsu nu matak kaduhung, awak nukatempuhan, tina atikan atanapi tina didikan nu munggaran, kasasar nya lampah, pajauh nya laku, jeung buntu dina laku, yakin dina pamadegan, tanjeurkeun beubeuneran sangkan meunang kabagjaan., dunia rawuh akherat.
Eta saalitna tina papatah sunda anu mangrupikeun falsafah kahirupan pikeun urang salaku manusa anu keur kumelenang di alam dunia. Mangga diaos deui tulisan bahasa sunda sanesna anu langkung sae papatah kolot baheula pikeun urang Sunda.