Dina Al – Qur’an nu mulya, seueur simbul jeung siloka, silib sindir jeung sasmita, anu mu’min mah percaya.
Perlambang teh tuduh jalan, nu mu’min percanten pisan, tapi ceuk jelema kapir, matak sasab silib sindir.
Siloka sareng sasmita, eta pituduh Mantenna, tuduh jalan ka umat-Na, sangkan teu sasab hirupna.
Pikeun ngahartikeun lambang, urang sing asak jeujeuhan, maca tapsir tarjamahan, engke aya katerangan.
Saeusina jagata raya, eta ge ayat Mantenna, upami ditapakuran, seueur rasiah Pangeran.
Ta pi keur jalma nu musrik, silib sindir teu dilirik, ayat-ayat ti Pangeran, diantep teu dilenyepan.
Dasar jelema nu fasik, hirupna teh estu musrik, gawe nyieun karuksakan, rugi lain meumeueusan.